Jumat, 04 Juli 2025

ILMU TAUHID

MABADI ELMU TAUHID

اَلْحَدُّ وَاْلمَوْضُوْعُ  ثُمَّ الثَّمَرَه                   إِنَّ مَبَادِي كُلِّ فَنٍّ عَشرَةْ

وَاْلاِسْمُ اْلاِسْتِمْدَادُ حُكْمُ الشَّارِعُ          وَفَضْلُهُ وَنِسْبَةٌ وَاْلوَاضِع

وَمَنْ دَرَى الجَمِيْعَ حَازَ الشَّرَفَا           مَسَائِلُ وَاْلبَعْضُ بِاْلبَعْضِ اكْتَفَى

1. HADDU : DEFINISI/TA'RIF/ETIMOLOGI ELMU TAUHID

Elmu Tauhid ceuk basa

اَلْعِلْمُ بِاَنَّ الشَّيْئَ وَاحِدٌ

Hartosna : nyaho kana saenyana eta perkara teh sahiji

Elmu Tauhid ceuk istilah

هُوَ عِلْمٌ  يُقْتَدِ رُ بِهِ عَنْ إِثْبَابِ الْعَقَا ئِدِ الدِّ يْنِيَّةِ  مُكْتَسَبُ مِنْ أَد ِلَّتِهَاالْيَقِيْنِيَّةِ

Hartosna : Elmu anu kawasa kana nerangkeun nana patekadan anu bangsa agama anu dikasab tina pirang-pirang dalil anu yakin (pasti).

Elmu Tauhid ceuk syar'i

ِفرَدُ الْمَعْبُوْدِ بِالْعِبَادَةِ مَعَ  اعْتِقَادِ  وَحْدَتِهِ  وَالتَّصْدِيْقِ بِهَا ذَاتًا  وَصِفَاتًاوَاَفْعَالاً

Hartosna : Tunggal-Na Gusti Allah anu disembah, sarta nekadkeun kana ka-Tunggalan-Na dibarengan ku ngaku jeung narima kana ka-Tunggalan Dzat-Na, Sifat-Na jeung Af'al-Na. 

Kesimpulanna

Nyaéta hiji élmu anu gunana pikeun nganyahokeun sifat – sifat anu wajib,  mustahil, wenang di Gusti Alloh, jeung  sifat-sifat anu wajib, mustahil, wenang, di rosul. 

2. MAUDHU : OBJEK/BAHASAN/SASARAN ELMU TAUHID

وَمَوْضُوْعُهُ ذَاتُ اللّٰهِ وَذَاتُ رُسُلِهِ مِنْ حَيْثُ مَا يَجِبُ وَمَا يَسْتَحِيْلُ وَمَا يَجُوْزُ وَالْمُمْكِنُ مِنْ حَيْثُ اَنَّهُ يُسْتَدَلُّ بِهِ عَلى وُجُوْدِ صَانِعِهِوَالسَّمْعِيَاتِ مِن حَيْثُ اعْتِقَادِهَا

Objekna elmu tauhid nyaéta

1. di Dzat Gusti Alloh, 

2. di para Rosul, 

3. Dina barang anu mumkinul wujud atawa (anu mungkin ayana),

4. Aqidah Sam'iyyah

3. TSAMROH : BUAHNA/KAGUNAAN ELMU TAUHID

وَثَمْرَتُهُ مَعْرِفَةُ صِفَاتِ اللّٰه وَرَسُولِهِ بِالْبَرَاهِيْنِ الْقَطْعِيَّة وَالْفَوْزِ بالسَّعَادَةِ الأَبَدِيَّةِ

Buahna Elmu Tauhid nyaeta :

1. Ma’rifat ka Gusti Alloh SWT

2. Ma’rifat ka para Rosul

3. Bagja di dunia jeung di akhérat

4. FADLUHU : KAUTAMAAN/KAUNGGULAN ELMU TAUHID

وَفَضْلُهُ أَنَّهُ أَشْرَفُ الْعُلُوْمِ لِكَوْنِهِ مُتَعَلِّقًا بِذَاتِ اللّٰهِ تَعَالَى وَذَاتِ رُسُلِهِ وَمَا يَتْبَعُ ذٰلِكَ وَالمُتَعَلِّقُ يَشْرَفُ بِشَرَفِ الْمُتَعَلَّقِ

Kautamaan elmu tauhid nyaéta ngunggulan kana sakabeh elmu jeung pangutamana élmu, sabab berhubungan jeung Dzat Gusti Alloh.

5. NISBAT : PERBANDINGAN ELMU TAUHID

وَنِسْبَتُهُ أَنَّهُ أَصْلُ الْعُلُوْمِ وَمَاسِوَاهُ فَرْعْ

Perbandingan élmu tauhid jeung élmu séjén. Ari élmu tauhid lir ibarat akar jeung tangkal, ari élmu séjén mah lir ibarat dahan, buah jeung daun.

6. WADH'I : PENYUSUN ELMU TAUHID

وَوَاضِعٌهُ أُبُو الحَسَنِ الأَشْعَاري وَمُتَابِعُوْهُ وُأَبُو مَنْصُورِ الْمَاتُرِيْدِي وَمُتَابِعُوْهُ

Nu ngawitan nyusun élmu tauhid nyaéta :

1. Abu Hasan Al-Asyari

2. Abu Mansyur Al-Maturudi

7. ISMUN : NGARAN ELMU TAUHID

وَاِسْمُهُ عِلْمُ التَّوْحِيْدِ وَعِلْمُ الْكَلَامِ وَذَكَرَ بَعْضُهُمْ أَنَّ لَهُ ثَمَانِيَةُ أَسْمَاءٍ

Aya sababaraha ngaran nyaéta Aqo’id, Tauhid, Kalam, Ushuluddin, Ma’rifat, Hakekat, Nahiat, Aqo’idul Imat jeung sajabana.

8. ISTIMDAD : PANYOKOTAN/SUMBERNA ELMU TAUHID

وَاسْتِمْدَادُهُ مِنَ الْأَدِلَّةِ الْعَقْلِيَّةِ والنَّقْلِيَّةِ

Istimdad elmu Tauhid nyaeta tina Dalil Aqli jeung Dalil Naqli. 

9. HUKUM SYARA'

وَحُكْمُ الشَّارِعُ فِيْهِ  الْوُجُوْبُ الْعَيْنِيُّ عَلُى كُلِّ مُكَلَّفٍ مِنْ ذَكَرٍ وَأُنْثَى

Ceuk hukum syara nyaéta mardhukeun kalayan Fardu Aén seperti solat ka sakabéh jalma mukallaf. 

10. MASAIL : MASALAH ANU DIBAHAS DINA ELMU TAUHID

وَمَسَائِلُهُ قَضَايُاهُ الْبَاحِثَةُ عَنِ الْوَاجِبَاتِ وَالْجَائِزَةِ وَالْمُسْتَحِيْلَاتِ

Masalah anu dibahas dina Élmu Tauhid nyaéta :

1) Patokan hukum

2) Patokan hukum akal jeung akalna

3) Patokan hukum adat jeung adatna

4) Patokan hukum syara' jeung syara' na

5) Aqidah Uluhiyah

6) Aqidah Nabawiyah

7) Aqidah Syam’iyah

Sumberna tina Kitab Jauhar Tauhid Kaca 8-9 & Kitab Hasyiyah Bajuri Kaca 9

This Is The Oldest Page


EmoticonEmoticon